Pasulukan

Ikon

for Indonesian Culture

Martabat Alam Tujuh (Sunda Version)

Den kena dera nampani / tegesing paesan tunggal / den sami wruh ing tjiptane / sampun kaliru ing tampa / den wikan ing sasmita / miwah ing tegesing wangsul / ajwa andadi Pangeran / (Tuhfa)

1. Ahadiyah

Bismillah al-rahman al-rahim, punika martabat Allah Taala tatkala ing dalem gaib kang karihin cinaritaken tatkala awang-awang uwung-uwung bumi langit durung ana.

Yakni ahadiyah eta martabat zat latayun ngarana, ghaibul guyub eta ngarana, jeung kunhi zat eta ngarana, jeung gaib al-huwiyat eta ngarana, jeung gaib eta ngarana, jeung wujud mutlak eta ngarana, jeung dat mutlak eta ngarana wujüd mahd, eta ngarana anu wajib hurip Allah Ta’ala, eta mohal mati huripna sajeroning hurip badan anu sajati, maka jadi lah urang huripna kalawan huriping Allah, nyata mungguh dina urang martabat akhadiyat.


2. Wahdat

Yakni wahdat eta martabat sifat naqtu gaib eta ngarana taayun awal eta ngarana, jeung su’un zat eta ngarana jeung hakikat Muhammadiyah ngarana, anapon anu kanggo dina naqtu ghaib eta opat perkara nyaeta wujüd ‘ilmu nur Syuhüd, ari wujüd eta ibarat dat ari ilmu eta ibarat sifat ari nur eta ibarat asma ari suhüd eta ibarat afal eta kalawan kersaning Allah, eta martabat wahdat mungguh di urang.

Hakikat Muhammad : “Satuhune Allah Taala itu andadeken ing bumi lan langit iku asal saking kang cahaya haqiqat Muhammadiyah lan ingaranan malih nur Allah lan ingarana malih cahaya iku ta’ayun awal arane lan ingaran malih nur Muhammad lan ingaranan malih bahru al-hayat lan ingaran malih ruh Rabbani lan ingaran ruh qudddus lan ingaran malih naqtu ghaib…jujuluk hakekat saking sakehing mumkinat ikut kabeh tatkala lagi tetep ing dalem a’yan tsabitah.”

3. Wahidiyat

Yakni wahidiyat eta martabat asma jeung af-al ta-yun tsani eta ngarana a’yan tsabitah eta ngarana al-ruh ruhyi, ari hurip eta hurip urang kanyatahan hakikat na manusa kabeh, anu wajib kersa Allah eta mohal lamun henteu keresa nafas kanyatahan karep maka jadilah urang eta karep kalawan kersana Allah nyaeta martabat wahidiyat mungguh di urang.

wahidiyat iku iya iku hakikat kita kabeh

4. Alam Arwah

Yakni alam arwah eta ngaran nyawa Muhammad rahamani padana ngaran nyawa Muhammad, wujüd alam, nur suhüd anu wajib kawasa Allah eta mohal apes anggahota kahananing qudrat maka jadilah urang kawasa kalawan pangawasaning Allah Ta’ala nyaeta tegese alam arwah mungguh di urang.

5. Alam Mitsal

Yakni alam mitsal eta ngarana sifat Muhammad rahmani eta ngaran nyawana Muhammad nyaeta kawitan [ngabagikeun] Allah Taala eta kana nyawana rahmani jadina opat. Kahiji nyawana nabati kadua nyawana khewani, katilu nyawana jasmani, kaopat nyawana rohani anu wajib [mikarsa] Allah Taala eta mohal kahananing sama maka jadilah urang eta mikarsa kalawan sama ing Allah Taala nyaeta alam misal mungguh dina urang.

6. Alam Ajsam

Yakni alam ajsam eta jujuluk jasad Muhammad nyaeta kawitan ngadamel jasad nu wadag, alam ajsam ngarana, basirun nu wajib ningali Allah Taala eta mohal lolong panon kahanning basa maka jadi lah urang eta aningali kalawan paningaling Allah Taala, nyaeta teges na alam ajsam mungguh di urang.

7. Insan Kamil

Yakni alam insan kamil eta nyaeta ngaran sampurnaning Muhammad nyaeta kawitan Allah Ta’ala ngadamel manusa kalawan manusa insan kamil, [kalam bakona] nu wajib ngandika jeung wajib [langgeng]. Allah Taala eta mohal pireu lisan kahananing kalam, maka jadilah urang angucap kalawan pangucaping Allah nyaeta tegese insan kamil mungguh di urang.

Filed under: Agama

One Response

  1. detail here berkata:

    Having read this I believed it was really informative. I appreciate you finding the
    time and effort to put this information together.
    I once again find myself personally spending a significant
    amount of time both reading and posting comments.
    But so what, it was still worth it!

Tinggalkan komentar

Kalender Posting

Juni 2010
M S S R K J S
 12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
27282930  

Pengunjung

  • 168.238 Orang

Arsip

Sabda Guru

Sabda Guru

Sabda Guru